Sampurasun sadayana! Dinten ieu abdi badè ngajak sadayana jalan-jalan ka Dumuk Barèto, pikeun ngarasakeun suasana anu tenang sareng kadaharan tradisional anu raos pisan. Hayu urang ngadangukeun!
Dumuk Bareto
Dumuk Bareto nyaéta hiji réstoran Sunda anu anyar dibuka di Bandung, tepatna dina April 2024 kamari. Nu jadi daya tarik tempat ieu nyaéta suasana anu dijieun siga désa di taun 1970-an. Wangunan imah réstoran anu masih ngandelkeun kamar rotan jeung bambu-bambu sakumaha dina jaman bareto.
Masing-masing sisi dihias ku béas jeung jagong anu geus garing, anu ngagambarkeun sisi tradisional Sunda anu has. Daérah réstoran na lega pisan sareng dikurilingan ku tangkal sareng pepelakan héjo anu ngajantenkeun suasana asri sanaos di tengah kota. Lokasina di Jl. Sukawangi No1A, Setiabudhi Kota BaDumuk Bareto nampilkeun menu kalayan konsép prasmanan, dimana sémah tiasa milih sorangan masakan Sunda anu dipikahoyong. Aya pilihan ti jengkol, rupa-rupa lauk asin, lauk goreng, udang goreng, hayam goreng, hayam bakar, jeroan hayam, lalapan, tumis sayur, nepi ka rupa-rupa sambal sadia lengkep di dieu. Sajaba ti éta Dumuk Bareto ogé nyadiakeun rupa-rupa camilan jeung kadaharan penutup anu amis-manis kawas pisang goreng, uli jeung tape, Candil, jeung bubur manis anu cocog pikeun sarapan ringan atawa minangka ménu penutup sanggeus dahar.ndung. Restoran ieu dibuka ti jam 10 nepi ka jam 22 unggal poé.
Kadaharan
Dumuk Bareto nampilkeun menu kalayan konsép prasmanan, dimana sémah tiasa milih sorangan masakan Sunda anu dipikahoyong. Aya pilihan ti jengkol, rupa-rupa lauk asin, lauk goreng, udang goreng, hayam goreng, hayam bakar, jeroan hayam, lalapan, tumis sayur, nepi ka rupa-rupa sambal sadia lengkep di dieu. Sajaba ti éta Dumuk Bareto ogé nyadiakeun rupa-rupa camilan jeung kadaharan penutup anu amis-manis kawas pisang goreng, uli jeung tape, Candil, jeung bubur manis anu cocog pikeun sarapan ringan atawa minangka ménu penutup sanggeus tuang.
Salah sahiji kadaharan tradisional anu wajib dicoba nyaéta Candilna. Candil Dumuk Bareto dijieun tina tipung ketan anu diwangun buleud leutik, tuluy direbus nepi ka kenyal sarta disuguhkeun dina kuah kandel anu diwangun ku gula aren jeung santan. Kaunikan candil ieu perenahna dina kuahna anu leuwih pekat batan candil biasa, sarta aroma has tina gula aren anu leuwih kuat.
Dumuk Bareto hadir kalawan konsép unik anu mawa pangunjung ka suasana asri désa di tengah-tengah rame-rame kota. Réstoran ieu henteu ngan ukur nawiskeun menu kadaharan khas Sunda, tapi ogé nampilkeun tata perenah sareng konsép gedong anu ngahirupkeun suasana padesaan. Di dieu, nu datang bisa ngarasakeun suasana kampung ngaliwatan rupa-rupa wewengkon sapertos Imah Kuwu (imah Kapala Désa), Warung Mang Aceng anu ngaladénan rupa-rupa kadaharan tradisional, sarta loba spot poto. Pasti, Dumuk Bareto dipikaresep ku loba jalma.
Pikeun leuwih jéntré ngeunaan Dumuk Bareto, mangga buka akun média sosialna di handap ieu.
Comments
Post a Comment