Posts

Showing posts from February, 2025

Jalan-jalan ka Dumuk Baréto - Katja XII IPA 5

Image
Jalan-jalan ka Dumuk Barèto instagram @hangout.oi Sampurasun sadayana! Dinten ieu abdi badè ngajak sadayana jalan-jalan ka Dumuk Barèto, pikeun ngarasakeun suasana anu tenang sareng kadaharan tradisional anu raos pisan.  Hayu urang ngadangukeun! Dumuk Bareto Dumuk Bareto nyaéta hiji réstoran Sunda anu anyar dibuka di Bandung, tepatna dina April 2024 kamari. Nu jadi daya tarik tempat ieu nyaéta suasana anu dijieun siga désa di taun 1970-an. Wangunan imah réstoran anu masih ngandelkeun kamar rotan jeung bambu-bambu sakumaha dina jaman bareto. Masing-masing sisi dihias ku béas jeung jagong anu geus garing, anu ngagambarkeun sisi tradisional Sunda anu has. Daérah réstoran na lega pisan sareng dikurilingan ku tangkal sareng pepelakan héjo anu ngajantenkeun suasana asri sanaos di tengah kota. Lokasina di Jl. Sukawangi No1A, Setiabudhi Kota BaDumuk Bareto nampilkeun menu kalayan konsép prasmanan, dimana sémah tiasa milih sorangan masakan Sunda anu dipikahoyong. Aya pilihan ti jengkol...